1834 – York, Kanada Tonggoh, dirasmikeun minangka Toronto.
1836 – Révolusi Texas: Patempuran Alamo - Sabada 13 poé pangepungan ku 3.000 tentara Méksiko, 187 sukarélawan Texas, kaasup inohong sohor Davy Crockett jeung Jim Bowie nu mertahankeun Alamo naremasing pati sarta bénténgna karebut.
1912 – Perang Italia-Turki: Pasukan Italia jadi pasukan nu munggaran nu ngagunakeun pasawat tempur pikeun murag-muragkeun bom ka pasukan Turki nu ngémah di Janzur, tina luhur 6.000 kaki.
1930 – Démonstrasi global Poé Pangangguran Internasional dimimitian ku Komintern.
2003 – Pasawat Maskapai Aljazair 6289 murag di Aguenar, Bandara Haji Bey Akhamok di Tamanrasset, Aljazair, nelasan 102 ti 103 jalma sajeroeunna.
2008 – Saurang pangebom maéhan manéh nelasan 68 jalma (kaasup dirina) di Baghdad, dina poé nu sarua saurang jalma basanjata nelasan dalapan budak sakola di Yérusalem.
2020 – Bom maéhan manéh ngabeledug di saluareun Kadutaan AS di Tunis, Tunisia, nelasan saurang pulisi sarta nyideraan lima urang lianna.