Portal:Keur lumangsung/April 2014
Loncat ke navigasi
Loncat ke pencarian
- 29 April : Saruntuyan tornado narajang sabagian gedé wewengkon Amérika Sarikat beulah wétan. Saheunteuna 35 urang maot.
- 27 April : Gjorge Ivanov kapilih deui salaku Présidén Makédonia.
- 22 April : Hiji karéta anjlog di Katanga, Républik Démokratik Kongo, nyababkeun saheunteuna 48 urang maot.
- 18 April : Abdelaziz Bouteflika kapilih deui salaku Présidén Aljazair.
- 18 April : 16 pamandu Nepal maot dina urug salju di Gunung Everest.
- 17 April : DNA manusa déwasa dikloning pikeun kahiji kalina dina sél endog teu kafértilisasi.
- 16 April : Ukraina ngalaksanakeun aksi militér kana aktivis pro-Rusia di Ukraina Wétan.
- 16 April : Hiji kapal féri kalawan leuwih ti 450 panumpang tibalik di deukeut Pulo Jindo, Koréa Kidul. Saheunteuna 14 urang maot jeung leuwih ti 280 leungit.
- 14 April : 2 bom ngabeledug di Abuja, Nigeria, nyababkeun saheunteuna 75 urang maot jeung 140 luka.
- 13 April : Kadurukan Gedé Valparaíso ngaruksak sabagian wewengkon Kota Valparaíso, Cilé. Saheunteuna 15 urang maot.
- 7 April : Holcim jeung Lafarge satuju kana merger €40 milyar nu nyieun LafargeHolcim, pausahaan semén panggedéna sadunya.
- 6 April : Partéy Fidesz meunang mayoritas 2 per 3 korsi di Pamilihan umum parlemén Hungaria 2014, Viktor Orbán kapilih deui salaku Perdana Mentri Hungaria.
- 6 April : Hujan gedé ti Topan Ita nyababkeun caah di Kapuloan Solomon, nyababkeun saheunteuna 20 urang maot.
- 4 April : Karéta Malabar anjlog di Ciawi, Tasikmalaya nyababkeun saheunteuna 5 urang maot.
- 3 April : Para élmuwan manggih yén bulan Saturnus, Enceladus, boga jaladri cai cair di handap permukaanna nu beku.
- 1 April : Lini skala 8,2 di leupas basisir Cilé nyababkeun 6 urang maot kamungkinan sunami.