5 Méi
Loncat ke navigasi
Loncat ke pencarian
| |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
|
5 Méi nyaéta poé ka-125 dina sataun (ka-126 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 240 poé.
Kajadian[édit | édit sumber]
- 1260 – Kublai Khan jadi pangawasa Karajaan Mongolia.
- 1494 – Christopher Columbus ngadarat di Pulo Jamaika sarta ngakukeun nu Spanyol.
- 1762 – Rusia jeung Prusia néken Perjangjian St. Petersburg.
- 1809 – Mary Kies jadi awéwé munggaran nu meunangkeun patén AS pikeun téhnik nenun pipet make katun jeung jaitan.
- 1821 – Kaésar Napoléon maot dina pangbuanganna di Pulo Saint Helena di Samudera Atlantik Kidul.
- 1835 – Rél karéta nu munggaran di Benua Éropa dibuka antara Brussels jeung Mechelen.
- 1862 – Cinco de Mayo: Pasukan nu dipingpin ku Ignacio Zaragoza nahan serangan Perancis dina Patempuran Puebla di Méksiko.
- 1865 – Perang Sipil Amérika: Pamaréntahan Konféderasi dibubarkeun di Washington, Georgia.
- 1877 – Perang Amérika Indian: Sitting Bull mingpin Suku Lakota ka Kanada pikeun nyegah panganiayaan ti Tentara AS nu dipingpin ku Kolonél Nelson Miles.
- 1905 – Pangadilan Stratton sadulur dimimitian di London, nandaan panggunaan sidik ramo pikeun jadi bukti tina kasus pamaténian.
- 1925 – Surat panahanan pikeun John T. Scopes di kaluarkeun di Tennessee alatan ngajarkeun évolusi di sakola nu dianggap ngalanggar Akta Butler.
- 1930 – Amy Johnson miang, jadi awéwé munggaran nu ngapung sosoranganan ti Inggris ka Australia.
- 1936 – Pasukan Italia nempatan Addis Ababa, Éthiopia.
- 1940 – Perang Dunia II: Para pangungsi Norwégia ngadegkeun pamaréntahan di pangbuangan di London.
- 1940 – Perang Dunia II: Kampanye Militer Norwégia: Skuad Norwégia di Bénteng Hegra jeung Vinjesvinge nyarerah ka pasukan Jérman sabada sakabéh pasukan Norwégia di Norwégia kidul nyarerahkeun pakarangna.
- 1941 – Raja Haile Selassie mulang ka Addis Ababa; dipiéling minangka Poé Pangbébasan atawa Poé Kameunangan Pahlawan.
- 1945 – Perang Dunia II: Admiral Karl Dönitz, pangganti Hitler, maréntahkeun sakabéh Parahu-U Jérman marulang ka markasna.
- 1945 – Perang Dunia II: Pangbarontakan Praha dimimitian minangka hiju usaha pajoang Céko pikeun bébas ti Jérman.
- 1945 – Perang Dunia II: Genep jalma palastra nalika hiji balon seuneu Jepang ngabeledug di deukeut Bly, Oregon. Mangrupakeun sakitu-kituna urang-urang Amérika nu maraot di wilayahna salila perang.
- 1945 – Perang Dunia II: Patempuran Kastil Itter, hiji-hijina patempuran di mana pasukan Amérika jeung pasukan Jérman tempur babarengan.
- 1950 – Bhumibol Adulyadej diistrénan jadi raja Thailand.
- 1955 – Perjangjian Umum, di mana Perancis, Inggris jeung AS ngaku kana kadaulatan Jérman Kulon, mimiti lumaku.
- 1964 – Majelis Éropa mutuskeun tanggal 5 Méi minangka Poé Éropa.
- 1972 – Pasawat Alitalia Nomer 112 murag kana Gunung Longa deukeut Palermo, Sisilia, nelasan 115 jalma sajeroeunna.
- 1980 – Opersai Nimrod: Pasukan Udara Husus Inggris nyerang kadutaan Iran di London sabada pangepungan salila genep poé.
- 1981 – Bobby Sands maot di rumah sakit panjara Long Kesh sabada mogok barang dahar salila 66 poé, dina umum 27 taun.
- 1992 – Musibah Stadion Armand Césari di Bastia (Korsika): 18 jalma palastra sarta 2.300 tatu nalika salah sahjij teras stadion rubuh saméméh laga antara SC Bastia jeung Olympique de Marseille.
- 1993 – Tilu urang budak umur dalapan taun ditandasa di Memphis Kulon, Arkansas, pamustunganna nungtun kana disidangna Tilu Memphis Kulon.
- 1994 – Panandatanganan Protokol Bishkek antara Arménia jeung Azerbaijan sacara éféktif ngareureuhkeun konflik Nagrono-Karabakh.
- 1998 – Pasawat AU Péru, Boeing 737, murag nalika ngadeukeutan Bandara Alférez FAP Alfredo Vladimir Sara Bauer, di Andoas, Péru, nelasan 75 jalma.
- 2006 – Pamaréntahan Sudan néken pasatujuan jeung Tentara Pangbébasan Sudan.
- 2007 – Pasawat Maskapai Kénya Nomer 507 murag sabada leupas landas ti Bandara Internasional Douala, di Douala, Kamérun, nelasan 144 jalma sajeroeunna.
- 2010 – Protés massa lumangsung di Yunani alatan diterapkeunna kawijakan panghématan ku Pamaréntah akibat tina krisis hutang Yunani.
- 2014 – Dua puluh dua jalma leungit sabada dua parahu nu ngangkut pangungsi tabrakan di Laut Aegea di leupas basisir Yunani.
- 2018 – Roko listrik ngabeledug, nelasan saurang jalam di St. Petersburg, Florida, kajadian jalma paéh munggaran tina produk vaping.
- 2019 – Hiji pasawat jét Rusia kabeuleum nalika nyoba usaha pangdaratan darurat di Bandara Sheremetyevo di Moskow, nelasan saheunteuna 41 jalma.
- 2019 – Patelak tilu poé antara Israél jeung milisi Gaza ngabalukarkeun maotna 4 urang Israél jeung 23 urang Palestina.
- 2019 – Vajiralongkorn diistrénan minangka raja Thailand.
Nu babar[édit | édit sumber]
- 1818 – Karl Marx, sosiolog Jérman (td. 1883)
- 1976 – Juan Pablo Sorín, pamaén bola Argéntina
- 1981 – Craig David, musisi Inggris
- 1983 – Henry Cavill, aktor Inggris
- 1988 – Adele, tukang ngawih Inggris
- 1989 – Chris Brown, tukang ngawih Amérika
- 1991 – Raúl Jiménez, pamaén bola Méksiko
- 1998 – Aryna Sabalenka, pamaén ténes Bélarusia
- 1999 – Justin Kluivert, pamaén bola Walanda
Nu pupus[édit | édit sumber]
- 1821 – Napoléon Bonaparte, kaésar Perancis (l. 1769)
- 2020 – Didi Kempot, tukang ngawih campursari (l. 1966)
Poé peré / poé panginget-nginget[édit | édit sumber]
- Poé Éropa (Majelis Éropa)
- Poé Paraji/Bidan Internasional
Tumbu luar[édit | édit sumber]
|
Artikel ngeunaan kalénder ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |