2 Désémber

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
1 2 3 4 5
6 7 8 9 10 11 12
13 14 15 16 17 18 19
20 21 22 23 24 25 26
27 28 29 30 31  
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 | 2018 | 2017 | 2016
Baca ogé: Kalénder kajadian

2 Désémber nyaéta poé ka-336 dina sataun (ka-337 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 29 poé.

Kajadian[édit | édit sumber]

  • 1409 - Universitas Leipzig dibuka.
  • 1804 - Napoleon Bonaparte ngamakutaan manéh minangka kaisar Perancis di katédral Notre Dame, Paris minangka nu munggaran dina kurun waktu 1.000 taun.
  • 1805 – Perang Koalisi Katilu: Patempuran Austerlitz: Pasukan Perancis dina pingpinan Napoleon Bonaparte ngéléhkeun pasukan gabungan Rusia – Austria sacara mutlak.
  • 1823 – Doktrin Monroe: Dina pesen Nagara Sarikat, Présidén AS James Monroe nyatakeun nétralitas Amérika dina pacengkadan-pacengkadan Éropa di mangsa hareup sarta ngingetan Éropa pikeun teu pipilueun kana urusan Amérika.
  • 1848 - Franz Josef I jadi kaisar Austria.
  • 1851 – Présidén Perancis Louis-Napoléon Bonaparte nyingkirkeun Républik Kadua.
  • 1852 – Louis-Napoléon Bonaparte jadi Kaésar Perancis nelah Napoleon III.
  • 1859 – Pamingpin milisi anti-pabudakan, John Brown, digantung alatan seranganna ka Harpers Ferry, Virginia Kulon.
  • 1908Puyi jadi Kaésar China dina umur dua taun.
  • 1915 - Albért Éinstéin mublikasikeun téorina ngeunaan rélativitas umum.
  • 1927 – Nuluykeun produkis modél Ford T nu geus 19 taun, Pausahaan Motor Ford ngébréhkeun Ford Modél A minangka hiji mobil anyar.
  • 1942Perang Dunia II: Nalika Proyék Manhattan, hiji tim nu diluluguan ku Enrico Fermi ngamimitian nyieun réaksi nuklir artifisial sinambungan nu munggaran.
  • 1943 – Perang Dunia II: Hiji pasawat Luftwaffe ngaboman palabuan Bari, Itali, ngalelepkeun sajumlah kargo jeung kapal pangangkut, kaasup Kapal Amérika SS John Harvey, nu mawa sasadiaan ti mangsa Perang Dunia I, gas mustar.
  • 1949 – Konvénsi pikeun Panekenan Jual Beli Jalma jeung Éksploitasi Prostitusi, diadopsi. 1950Perang Koréa: Patempuran Leuwi Ch'ongch'on réngsé ku kameunangan mutlak pihak China, pasukan PBB kabéh diusir ti Koréa Kalér.
  • 1954 – Pasini Patahanan Mutual Sino-Amérika antara Amérika Sarikat jeung Taiwan ditanda tangan di Washington.
  • 1971 - Uni Émirat Arab dibentuk.
  • 1975 – Perang Sipil Laos: Pathet Lao ngepung puseur nagri Vientiane, maksa turun tahtana Raja Sisavang Vatthana, sarta ngaproklamirkeun Républik Démokrasi Rakyat Laos.
  • 1980 – Perang Sivil Él Salvador: Opat misionaris Amérika diperkosa jeung ditelasan ku pasukan panémbak mati.
  • 1982 – Di Universitas Utah, Barney Clark jadi jalma munggaran nu nampa jantung buatan permanén.

Nu babar[édit | édit sumber]

Nu pupus[édit | édit sumber]

  • 1980 – Chaudhry Muhammad Ali, PM Pakistan kaopat (l. 1905)
  • 1964 - R. Soeprapto, Jaksa Agung IV Républik Indonésia (l. 1896)

Poé peré / poé panginget-nginget[édit | édit sumber]

Tumbu luar[édit | édit sumber]

Nuvola apps clock.png