20 Maret
Loncat ke navigasi
Loncat ke pencarian
|
20 Maret nyaéta poé ka-79 dina sataun (ka-80 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 286 poé.
Kajadian[édit | édit sumber]
- 1602 – VOC diadegkeun, minangka panggabungan ti sababaraha pausahaan dagang Walanda nu silih saingan.
- 1616 – Sir Walter Raleigh dibébaskeun ti Munara London sabada 13 taun dipanjara.
- 1760 – Kahuruan di Boston ngancurkeun 349 wangunan.
- 1800 – Alessandro Volta ngalaporkeun panimuan batré listrikna dina hiji surat ka Joseph Banks, présidén Masyarakat Karajaan London.
- 1815 – Sakaburna ti Elba, Napoléon asup ka Paris bareng jeung 140.000 tentara rérguler sarta kira-kira 200.000 pasukan sukarélawan, ngamimitina “Saratus Poé” kakawasaanna.
- 1848 – Revolusi Jérman 1848-49: Raja Ludwig I turun tahta.
- 1854 – Partéy Républik di AS diadegkeun di Ripon, Wisconsin.
- 1868 – Gorombolan Jesse James ngarampog $14.000 ti hiji bank di Russllville, Kentucky.
- 1883 – Konvénsi Paris pikeun Panangtayungan Properti Industri ditarékeun.
- 1890 – PM Karajaan Jérman Otto von Bismarck dieureunkeun ku Kaésar Wilhelm II.
- 1913 – Sung Chiao-jen, nu ngadegkeun Partéy Nasionalis Cina, cidera dina hiji usaha panelasanna sarta tuluy maot dua poé ti harita.
- 1915 – Albert Einstein medalkeun téori umumna ngeunaan rélativitas.
- 1930 – KFC (Kentucky Fried Chicken) diadegkeun ku Kolonél Harland Sanders di North Corbin, Kentucky.
- 1952 – Sénat AS ngasahkeun Perjangjian Kaamanan antara AS jeung Jepang.
- 1956 – Tunisia merdéka ti Perancis.
- 1964 – Pibakalan Badan Ruang Angkasa Éropa (singk. Inggris ESA), ESRO (European Space Research Organisation) diadegkeun numutkeun kasapukan nu ditarékeun tanggal 14 Juni 1962.
- 1972 – The Troubles: Bom mobil Provisional IRA nu munggaran di Belfast, nelasan tujuh jalma sarta nyideraan 148 lianna di Irlandia Kalér.
- 1987 – Administrasi Kadaharan jeung Obat nyatujuan obat anti-AIDS, AZT.
- 1988 – Perang Kamerdékaan Éritréa réngsé ku meunangna Front Pangbébasan Rakyat Éritréa ka Komando Nadew dina Patempuran Afabet.
- 1990 – Janda Ferdinand Marcos, Imelda Marcos, disidang pikeun alesan panyogokan, panilepan jeung panipuan.
- 1993 – The Troubles: Bom Provisional IRA nelasan dua budak leutik di Warrington, Inggris. Nungtun kana protés massa, boh di Inggris boh di Irlandia.
- 1995 – Aliran pamujaan Aum Shirikyo ngajalankeun serangan gas sarin di subway Tokyo, nelasan 13 jalma sarta nyideraan 6.200 lianna.
- 1988 – Mike Tyson ngarubuhkeun Tony Tubbs dina ronde ka-2 dina parebutan gelar juara dunai kelas beurat.
- 2000 – Jamil Abdullah Al-Amin, manten anggota Black Panther nu katelah ogé ku H. Rap Brown, ditéwak sabada nelasan députi shérif Georgia, Ricky Kinchen sarta nyideraan kalawan parna Députi Aldranon English.
- 2003 – Wanci pasusubuh, AS tur tilu nagra séjénna (Inggris, Australia jeung Polandia) ngamimitian serangan ka Irak.
- 2006 – Leuwih ti 150 soldadu Chad nemasing pati di Chad wétan ku anggota pangbarontak UFDC. Tujuan pangbarontak nyaéta hayang ngarubuhkeun présidén Chad, Idriss Déby.
- 2012 – Saheunteuna 52 jalma palastra sarta leuwih ti 250 lianna taratu dina hiji galura serangan téror di sapuluh kota di Irak.
- 2015 – Samagaha panonpoé, equinox jeung bulan super lumangsung dina poé nu sarua.
- 2016 – Barack Obama jadi présidén munggaran AS nu nganjang ka Kuba ti saprak taun 1928.
- 2019 – Pausahaan Walt Disney meuli 21st Century Fox nu Rupert Murdoch saharga $71 miliar.
Nu babar[édit | édit sumber]
- 1856 – Frederick Winslow Taylor, insinyur Amérika (td. 1915)
- 1939 – Brian Mulroney, PM Kanada ka-18
- 1958 – Holly Hunter, artis Amérika
- 1984 – Fernando Torres, pamaén bola Spanyol
- 1986 – Ruby Rose, artis, modél Australia
- 1990 – Marcos Rojo, pamaén bola Argéntina
- 1993 – Sloane Stephens, pamaén ténes Amérika
Nu pupus[édit | édit sumber]
Poé peré / poé panginget-nginget[édit | édit sumber]
- Poé Manuk Piit / Manuk Garéja Sadunya
Tumbu luar[édit | édit sumber]
|
Artikel ngeunaan kalénder ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |