Féderasi Rusia (Basa Rusia: Росси́йская Федера́ция, Alih aksara: Rossiyskaya Federatsiya)kupingkeun(pitulung·info), atawa Rusia (Basa Rusia: Росси́я, alih aksara: Rossiya), nyaéta hiji nagara anu ngampar ti Éropa nepi ka Asia. ku sabab wilayahna nu lega, kira-kira 17.075.400 km², Rusia téh mangrupa salah sahiji nagara panggedéna. Wilayahna kurang leuwih dua kali wilayah Républik Rahayat Tiongkok (Tiongkok; RRC), Kanada atawa Amérika Sarikat.