Pakiraan pikeun nagara ieu kuduna mah diperhatoskeun ogé kana lobana nu pupus akibat AIDS; hal ieu bisa nyababkeun ajén harepan hirup nu leuwih saeutik, tingkat pupusna orok jeung jalmi nu leuwih luhur, populasi jeung kamekaran populasi nu leuwih handap, jeung robihna panyebaran populasi dumasar umur jeung lalaki/awéwé tinimbang nu dikira.
Bénin (baheulana, Dahomey), resmina Républik Bénin, nya éta hiji nagara di Afrika Kulon. Nagara ieu tepung wates jeung Togo di kulon, Nigeria di wétan, jeung Burkina Faso sarta Niger di kalér. Garis basisir kidulna dina Teluk Bénin di mana kalobaannana populasi aya.[4] Ibu kota Bénin nya éta Porto-Novo, tapi kadudukan pamaréntahanna aya di Cotonou. Bénin miboga aréa kira-kira 110.000 kilométer pasagi (42.000 mil pasagi), kalawan jumlah populasi kira-kira 9,05 yuta. Bénin mangrupakeun hiji nagara tropis, sub-Sahara, loba gumantung kana tatanén, kalawan panggawéan nu loba jeung pamasukan ti tatanén napkah.[5]
Artikel ngeunaan géografi ti hiji nagara atawa wewengkonieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan.