Youtube

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Logo Youtube

YouTube nyaéta situs wéb babagi vidio nu markas utamana di San Bruno, Kalifornia, Amérika Sarikat.[1] Layanan ieu téh mimiti dijieunna mah ku 3 urang mantan karyawan PayPal dina bulan Pébruari 2005.[rujukan?] Bulan Nopémber 2006, tuluy dibeuli ku Google saharga 1.65 Miliar USD.[2] Kiwari YouTube dikokolakeun minangka salah sahiji cabang Google.[3] Situs ieu ngidinan para pamakéna pikeun muatkeun, nempo, rating, babagi sarta ngoméntaran unggal vidio nu aya, ogé ngagunakeun téknologi WebM, H.264/MPEG-4 AVC, jeung Adobe Flash Video pikeun midangkeun mangrupa-rupa kontén vidio generasi pamaké jeung média korporasi.[rujukan?] Lolobana kontén dina YouTube mah dimuatna ku individual, tapina aya ogé anu ku média korporasi siga CBS, BBC, Vevo, Hulu, jeung organisasi lainna.[4] Pamaké anu teu kadaptar mah ngan ukur bisa nempoan wungkul, ari anu kadaptar mah bisa muatkeun vidiona kana saluranna.[rujukan?] Ari vidio mah dianggap minangka kontén anu poténsial nyinggung, ku kituna sangkan ngan sayaga, pikeun pamaké anu kadaptar anu umur minimalna diwatesanan 18 taun.[5]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. "Contact us". Youtube. Diakses pada 24 Januari 2016. 
  2. Hopkins, Jim. "Surprise! There's a third YouTube co-founder", USA Today, 11 Oktober 2006. Disalin 2016-01-24.
  3. "Google buys YouTube for $1.65 billion". NBC News. 
  4. Weber, Tim. "BBC strikes Google-YouTube deal", BBC, 2007-03-02. Disalin 2016-01-23.
  5. "Persyaratan usia di Akun Google". Google. Diakses pada 24 Januari 2016. 
Nulis.jpg