Maroko
- Pikeun kagunaan séjén tina Maroko, tempo Maroko (disambiguasi).
المملكة المغربية ⵜⴰⴳⵍⴷⵉⵜ ⵏ ⵍⵎⴰⵖⵔⵉⴱ Karajaan Maroko
|
||||||
---|---|---|---|---|---|---|
|
||||||
Motto الله، الوطن، الملك Allāh, al-Waṭan, al-Malik ⴰⴽⵓⵛ . ⴰⵎⵓⵔ . ⴰⴳⵍⵍⵉⴷ Akuc, Amur, Agellid "Gusti, Lemah Cai, Raja" |
||||||
Lagu النشيد الشريف "An-Nasyid Asy-Syarif" |
||||||
Wewengkon nu héjo némbongkeun téritori Maroko anu diakuan internasional. Anu diarsiran nya éta wewengkon Sahara Kulon nu dipaséakeun; Maroko maréntahan kalobaannana ti wewengkon ieu minangka Propinsi Kidulna kalawan de facto.
|
||||||
Ibu kota | Rabat |
|||||
Kota panggedéna | Kasablanka | |||||
Basa resmi (Basa pribumi) |
Basa Arab[1] Amazigh[2][a] (Basa Arab Maroko, Tachelhit, Tamazight Atlas Tengah Tarifit, Hassaniya. [b]) |
|||||
Grup étnis | 99,1% Arab-Berber 0,7% Nu lian 0,2% Yahudi[3] |
|||||
Démonim | Moroccan | |||||
Pamaréntah | Démokrasi parleménter kahijian jeung Monarki Konstitusional | |||||
- | Raja | Mohammed VI | ||||
- | Perdana Mentri | Abdelillah Benkirane | ||||
Monarki | 110 SM | |||||
- | Karajaan Mauretania | 110 SM – 40 M | ||||
- | Dinasti Alaouite | 1666–ayeuna | ||||
- | Kamerdikaan ti Perancis | 2 Maret 1956 | ||||
- | Kamerdikaan ti Spanyol | 7 April 1956 | ||||
Aréa | ||||||
- | Total | 446.550 km² (ka-58/ka-40) 172.487 mil² |
||||
- | Cai (%) | 250 km² (0,056%) | ||||
Populasi | ||||||
- | Perkiraan 2011 | 32.208.557[4] (ka-38) | ||||
- | Sénsus 2004 | 29.680.069[5] | ||||
- | Kapadetan | 71,6 /km² (ka-122) 185,5 /mil² |
||||
GDP (PPP) | Perkiraan 2011 | |||||
- | Total | $163,181 milyar[6] | ||||
- | Per kapita | $5.069,783[6] | ||||
GDP (nominal) | Perkiraan 2011 | |||||
- | Total | $101,767 milyar[6] | ||||
- | Per kapita | $3.161,728[6] | ||||
HDI (2011) | 0,582 (sedeng) (ka-130) | |||||
Mata uang | Dirham Maroko (MAD ) |
|||||
Zona wanci | WET (UTC+0) | |||||
- | Usum panas (DST) | WEST (UTC+1) | ||||
TLD Internét | .ma | |||||
Kode telepon | +212 | |||||
a. ^ Basa Perancis ogé dipaké dina dokumén resmi pamaréntah jeung ku komunitas bisnis, sanajan teu boga status resmi.
b. ^ tempo ogé Basa di Maroko. c. ^ 446,550 km2 (172,410 sq mi) teu ngawengku sadaya wewengkon nu dipaséakeun.710,850 km2 (274,460 sq mi) Ngawengku wewengkon nu diparéntah Maroko Sahara Kulon anu diklaim ku Front Polisario minangka Républik Sahrawi |
Maroko (Basa Arab: المغرب al-Maghrib ; basa Berber: ⵍⵎⴰⵖⵔⵉⴱ[7] Lmaɣrib), resmina Karajaan Maroko[8] (Basa Arab: المملكة المغربية al-Mamlaka al-Maghribiyya: pronunciation ; basa Berber: ⵜⴰⴳⵍⴷⵉⵜ ⵏ ⵍⵎⴰⵖⵔⵉⴱ Tagldit n Lmaɣrib), nya éta hiji nagara nu aya di Afrika Kalér. Nagara ieu miboga populasi nu leuwih ti 32 yuta jiwa sarta aréa 710.850 km², jeung ogé maréntahan wewengkon Sahara Kulon (nu dipaséakeun statusna). Nagara ieu mangrupa bagian ti wewengkon Magribi, sareng Tunisia, Aljazair, Mauritania, jeung Libya, nu boga patalian sajarah, basa, jeung budaya.
Maroko mangrupa hiji monarki konstitusional kalawan parlemén anu dipilih. Raja Maroko miboga kakawasaan éksekutif nu lega, kaasup kamungkinan ngabubarkeun parlemén. Kakawasaan législatif dipiboga ku boh pamaréntah boh parlemén 2 kamarna, Déwan Pawakilan jeung Majelis Déwan. Sang Raja ogé tiasa ngaluarkeun dékrét nu disebut dahir nu miboga kakiatan hukum. Pamilu parlemén dilaksanakeun di Maroko dina 7 Séptémber 2007, jeung diperhatoskeun ku sababaraha panénjo nétral minangka paling bébas jeung adil; sanajan partisipasi ngan 37%, nu pangsaeutikna dina sababaraha dékade. Ibu kotana nya éta Rabat, jeung kota panggedéna nya éta Kasablanka; kota gedé lianna contona Marrakésh, Tetouan, Tangier, Salé, Fes, Agadir, Meknes, jeung Oujda.
Kalobaannana urang Maroko nyaturkeun minimalna hiji ti dua Berber jeung Arab Maroko minangka basa indung. Basa-basa éta duanana miboga dialék jeung logat wewengkon.
Daptar eusi
Babagian administratif[édit | édit sumber]
Maroko dibagi kana 16 région,[9] jeung dibagi deui kana (total) 62 préféktur jeung propinsi.[10]
Région[édit | édit sumber]
Minangka bagian ti hukum déséntralisasi/régionalisasi 1997, 16 région nyar dijieun, nya éta:
- 01. Oued Ed-Dahab-Lagouira
- 02. Laâyoune-Boujdour-Sakia El Hamra
- 03. Guelmim-Es Semara
- 04. Souss-Massa-Draâ
- 05. Gharb-Chrarda-Béni Hssen
- 06. Chaouia-Ouardigha
- 07. Marrakech-Tensift-El Haouz
- 08. Oriental
- 09. Grand Casablanca
- 10. Rabat-Salé-Zemmour-Zaer
- 11. Doukkala-Abda
- 12. Tadla-Azilal
- 13. Meknès-Tafilalet
- 14. Fès-Boulemane
- 15. Taza-Al Hoceima-Taounate
- 16. Tangier-Tétouan
Status Sahara Kulon[édit | édit sumber]
Ku sabab konflik di Sahara Kulon, status wewengkon "Saguia el-Hamra" jeung "Río de Oro" dipaséakeun. Pasarikatan Bangsa-Bangsa nempo Sahara Kulon minangka hiji wewengkon tanpa pamaréntahan sorangan, jeung minangka hiji perkara ti dékolonisasi nu teu réngsé. Pangawasaan Maroko kana wewengkon ieu teu diakuan sacara internasional, pun ogé républik merdika anu diajukeun Polisario, hiji grup Saharawi nu ngalawan panjajahan Spanyol jeung teras pikeun kamerdikaan Sahara Kulon minangka Républik Démokratik Arab Sahrawi (ayeuna markasna di Aljazair). Aya gencatan senjata ti 1991, jeung hiji misi PBB (MINURSO) pikeun ngurus hiji réferéndum sangkan téritori ieu merdika atawa diakuan minangka bagian ti Maroko.
Téritori ieu kalobaannana diparéntah minangka Propinsi Kidul ku Maroko saprak Spanyol ngaleupaskeun wewengkon ieu ka Maroko jeung Mauritania sanggeus Pasatujuan Madrid dina 1975–76. Bagian ti téritori, Zona Bébas, nya éta hiji aréa nu teu didumukan nu diatur the Front Polisario minangka Républik Démokratik Arab Sahrawi kalawan markasna di Tindouf, Aljazair.
Perang Sahara Kulon[édit | édit sumber]
Perang Sahara Kulon nya éta konflik senjata antara Front pagerakan kemrdikaan pambarontakan nasional Polisario Sahrawi jeung Maroko sareng Mauritania pikeun kawasa kana urut jajahan Spanyol, Sahara Kulon; lumangsung ti 1976 nepi ka 1991. Perangna ngahasilkeun kaluarna Spanyol dina 1976, kaluarna Mauritania dina 1979, jeung gencatan senjata sareng Maroko. Kalobaannana ti wewengkon tetep dina kadali Maroko.
Lanskap jeung monumén[édit | édit sumber]
|
Tempo ogé[édit | édit sumber]
Catetan jeung réferénsi[édit | édit sumber]
- ↑ "An Islamic and fully sovereign state whose official language is Tamazight, the Kingdom of Morocco constitutes a part of the Great Maghreb." "Moroccan Constitution". 3 Séptémber 2011.
- ↑ "BBC News – Morocco's King Mohammed unveils constitutional reforms", 2011-06-18.
- ↑ "Ethnic groups". World Factbook. Central Intelligence Agency. Diakses pada 3 Oktober 2009.
- ↑ Site institutionnel du Haut-Commissariat au Plan du Royaume du Maroc. Hcp.ma. Retrieved on 2011-07-23.
- ↑ Haut-Commissariat Au Plan (2004). "Recensement général de la Population et de l'Habitat 2004".[tumbu nonaktif]
- ↑ a b c d "Morocco". International Monetary Fund. Diakses pada 6 Méi 2011.
- ↑ "Tamazight name according to the Institut Royal de la Culture Amazighe". Ircam.ma. Diakses pada 4 Nopémber 2011.
- ↑ Conventional long form: Kingdom of Morocco – Conventional short form: Morocco – Local long form: al-Mamlakah al-Maġribiyya – Local short form: al-Maġrib – CIA World Factbook
- ↑ Regions of Morocco, statoids.com
- ↑ Regions of Morocco, statoids.com
Tumbu kaluar[édit | édit sumber]
Mangga paluruh émbaran nu langkung seueur ngeunaan Morocco ku jalan nyungsi proyék sawargi Wikipedia | |
---|---|
Définisi kamus ti Wiktionary | |
Buku téks ti Wikibooks | |
Cutatan ti Wikiquote | |
Téks sumber ti Wikisource | |
Gambar jeung média ti Commons | |
Warta ti Wikinews | |
Sumber pangajaran ti Wikiversity |
- Loka resmi pamaréntah Maroko
- Parlemén Maroko
- Layanan Umum
- Éntri Morocco di CIA World Factbook
- Sumber wéb Maroko disadiakeun ku GovPubs dina Perpustakaan di Universtias Colorado–Boulder
- Maroko di Open Directory Project
- Atlas Morocco Wikimedia, ngandung peta ngeunaan Morocco.
Tingali ogé Maroko di Wikivoyage
|
|
Artikel ngeunaan géografi ti hiji nagara atawa wewengkon ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
- Maroko
- Nagara di Afrika
- Wewengkon nu maké basa Arab
- Anggota Liga Arab
- Nagara Laut Tengah
- Nagara nu tepung wates jeung Samudra Atlantik
- Anggota OSI
- Anggota La Francophonie
- Monarki konstitusional
- Monarki ayeuna
- Nagara nu maké basa Perancis
- Nu ngadeg taun 1956
- Anggota Uni Méditérania
- Anggota Pasarikatan Bangsa-Bangsa